Sabtu, 28 Januari 2012

Carpon Basa Sunda kenging Rani Indriani


JODO
A
           
keu, Akeu, Keu… kunaon? Hudang atuh Keu!”, kadéngé samar samar sora ribut loba jelema, ngan awak ngarasa teu paya digerakkeun . Geus lila nahan kanyeri dina beteung , ayeuna karasana asa geus dina klimaks na . “Hey, tulungan ! ieu Akeu kunaon , jol jol ngajoprak”, kadéngé deui sora jelema tadi sora anu cempréng awéwé nu geus wawuh. “Aya naon, kunaon ieu téh?”, ayeuna sorana   béda jeung nu tadi,  kadéngéna sora lalaki anu kabur beuki jauh. 
Jubah bodas nu dipaké, nyirikeun yén manéhna téh dokter . Èta jelema kaluar ti rohangan nu aya kuring nu keur teu inget. Lalaki kacapanon bodas jeung maké baju kaméja hejo palem   cukup pikeun ngagambarkeun jelema anu rék méré kelas matéri di hiji Perguruan Tinggi. Èta lalaki sorangan diuk di hareupeun rohangan nu di jerona aya kuring. Lalaki éta tuluy nungguan bari némbongkeun rasa ka was was, siga aya hiji perkara anu matak ngahariwangkeun manéhna. Saha waé nu ninggali lalaki éta pasti bakal nyaho yén éta jelema keur hariwang jeung bingung. Krekekk trek …sora panto muka, koréjat lalaki éta malik . “Kumaha dok? “, éta lalaki langsung nyampeurkeun dokter nu karék kaluar. “Bapa téh sahana ibu nu di lebet?” tanya éta dokter. “kunaon kitu dok? “, beuki ngagebeg  manah manéhna téh. “kieu Pa, Ibu nu dilebet téh kedah énggal énggal di operasi “, jéntré éta dokter. “dioperasi? Na panyawat naon?” , tanya éta lalaki ka dokter teu sabar. “bapa ,mangga urang carioskeunana di rohangan kuring”, jurung éta dokter. Pas nepi rohangan éta dokter, si lalaki beuki sepa hariwang sieun kumaonam awéwé anu keur teu sadar nu kumanéhna dibawa ti Kampus ka rumah sakit .  “bapa, sahana pasien, kulawargana sanés?”, tanya éta dokter. Teu kungsi lila lalaki éta ngajawab , “mm..muhun, kuring carogéna”. Dokter ngajelaskeun yén awéwé nu kumanéhna dipariksa teh ngabogaan panyakit usus buntu anu geus kronis. Awéwé éta kudu buru buru di operasi , pokna éta dokter.
Pas muka panon, katinggali para anu dicét warna bodas. Sirah nu lieur saeutik saeutik ngaleungit. Rasa kanyeri dina beuteung masih nyésakeun urutna , ngan rada mendingan lamun dibandingkeun jeung tadi mah. Luak lieuk , katempo hiji lalaki keur diuk di gigireun risbang nu aya kuring. “Pa Pépén?”, sora peura nu dipaksakeun kaluar. Manéhna ukur némbongkeun seurina  . “Néng téh urang mana?” , éta lalaki nanya ku sora nu halimpu kadéngéna. “urang Garut”, jawab  kuring. “Ari didieu sareng saha? Na aya kulawarga anu tiasa di hubungi?”, tanyana deui. “abi téh mung nyalira, nga kos di Bandung téh, ibu rama kuring mah ayana di Garut sareng kulawarga, mmm Bapa naha tiasa didieu?”, tanya kuring. “Neng Akeu téh tadi kapaéhan di Kampus, Bapa téh reuwas, atos wé énggal énggal di candak kadieu” . “Duh, hatur nuhun bapa , kuring téh sok karaos waé, mung tadi mah teu kiat…”, waler kuring.”sst…keun, kumaha ayeuna ? naha masih nyeri?”, taros pa Pépén mastikeun. “ Alhamdulillah, tos langkung saé”, bari ngarampa beteung kuring sorangan. “Alhamdulillah, kumaha atuh wartosan waé  ibu bapa anu di Garut?”, tarosna. Kuring cukup ku unggeuk, tuluy mikeun hapé  kuring ka Pa Pépén.
Geus dua poé di rawat di rumah sakit, kuring  geus bisa balik. Beuki gedé hutang budi ka pa Pépén, sanggeus kaluar ti rumah sakit kuring dianteur balik ka Garut ku anjeunna . Padahal anjeunan lain sasaha kuring , anjeuna mung Dosén anu biasa ngawulang kuring di kelas. Kuring ngan ukur mahasiswa ajeunna.  Sajajalan kuring teu ngomong nanaon, kuring boga rasa kaéra ka anjeunna . Pa Pépén katinggali siga jelema anu sifatna tara beuki loba ngomong. Pas nepi ka Garut  , ema jeung abah nyangkana pa Pépén téh kabogoh kuring. Tuluy ku kuring dijelaskeun yén anjeunna saukur dosén di kampus anu geus nulungan kuring basa gering usus buntu , malahan mah biaya rumah sakit kuring sagalana geus dibayar ku anjeuna .
Selang saminggu leuwih sanggeus kajadian usus buntu téa, pa Pépén ménta tulung ka kuring. Anjeuna téh rék dijodokeun ku kolotna .Tapi, anjeuna embungeun. Manéhna ménta tulung ka kuring sangkan api api jadi kabogohna di hareupeun indung jeung bapana. Kusabab anjeuna geus bageur pisan ka kuring, ku kuring di tulungan. Ah, baé wé da pa Pépén geus loba jasana ka kuring. Teu salah lamun kuring mulang tarima kahadéan anjeunna. Anjeuna gé nyaho kuring téh geus aya nu boga. Kabogoh kuring anu ti zaman sakola kelas 5 SD nepi ka kiwari. Kuring mung wawuh lalaki dina kahirupan kuring téh ngan hiji, nyaéta kabogoh kuring anu ti kelas 5 SD téa. Lalaki anu ku kuring pikacinta ti harita nepi ka wanci ayeuna. Ngan saprak kuliah, lantaran  tempat kuliahna anu beda , kuring di Bandung jeung kabogoh kuring di Jakarta, kuring jeung manéhna ngan saukur hubungan kontak jauh. Kuring percanten pisan ka kabogoh kuring  ,kitu ogé sabalikna.
Kuring dibawa ku pa Pépén ka imahna poé Minggu pikeun papanggih jeung indung bapana. Diditu kuring némbongkeun paripolah saalusnu di hareupen kolotna pa Pépén. “Mah, Pa,  Pépén mah sanés nolak teu pupuguh kana jodo anu ku mamah pilihkeun kanggé Pépén, tapi Pépén atos gaduh Neng Akeu didieu”, saur pa Pépén nyarita ka kolotna. Kuring ukur seuri, dina  manah mah aya ngarasa dosa. “Bohong, Pépén mah. Teu percaya mamah éta téh kabogoh Pépén”, pok indungna. Deg téh éta haté mimiti ratug. Kuring ngamaklum lamun kolotna pa Pépén teu narima ka kuring. “nyaan mamah, piraku waé Pépén ngabohong, Pépén téh atos nyaah pisan ka Néng Akeu”, pa Pépén ngayakinkeun kolotna. “Mana buktina?”, indungna nangtang. Naha beuki teu ngeunah firasat téh. Kudu kumaha, kuring teu nyaho , kuring ukur jempé teu wani ngomong nanaon. “kudu kumaha ngabuktikeun ka mamah? Pan atos di candak jalmina ka payuneun mamah didieu”, ditinggali bengeutna pa Pépén geus ngucurkeun kesang tiis. “Lamun enya téh Akeu kabogoh Pépén, sok jarak dua poe ayeuna geura kawin! ”, pok indungna. “Hah?”kawin ? kereteg hati reuwas. Lup deb lup deb, sora jantung beuki téréh. Pa Pépén ngadadak jempé. Lamun kuring bébéja nu sabenerna, karunya ka pa Pépén. Tapi lamun teu ngomong nu sabenerna, naon nu bakal kajadian dua poé kahareupna ka kuring?. Bener, hésé gening rék  ngabohong waé ogé . “Mangga , lamun mamah teu percanten waé ka Pépén mah, isuk ku Pépén lamar Néng Akeu téh”, pok na teu disangka sangka. Kuring mun ukur colohok siga jelema anu bingung pas pa Pépén narima tantangan kolotna.
Kuring  balik dianteurkeun pa Pépén kana mobilna. Di jalan pa Pépén ngan ukur jempe teu ngabadamikeun nanaon  pikeun nu saterusna  deui ,tina omongannana tadi ka kolotna. Kuring jiga nu teu wawuh sajajalan jeung pa Pépén , ngadadak pégo duanana. Di imah, kuring hulang huleng. Ku Ema  jeung Abah ditanya , kuring can bisa ngajawab.
Isukna , pa Pépén datang ka imah rék nanyaan caritana téh. Kuring reuwas, teu daék nepungan pa Pépén, ngonci di kamar sorangan. Naha jadi kieu ? ceuk manah kana diri. Kuring diolo bébéakan ku indung kuring kudu narima lamaran pa Pépén. Tapi sim kurng kukukeuh embung.“Keu, tong kitu waé, kaluar!”, olo Ema. Ema asup ka kamar tuluy ngobrol jeung kuring. “Akeu, tinggali jang Pépén téh geus bageur ka Akeu ,karunya. Ema mah teu téga nolakna”, ema tuluy ngolo. Kuring tetep teu ngajawab, ukur gideug jeung gideug. Ari teu bogoh kumaha, piraku kudu dipaksa hirup rumah tangga jeung pa Pépén. Masing pa Pépén bageur, pantes rupana, jeung  mapan lamun haté teu ngait ka anjeuna kudu kumaha?.”Ma, Akeu téh teu bogoh ka pa Pépén, jabaning Akeu masih hubungan sareng kabogoh Akeu nu di Jakarta , kumaha ngomongna ka itu?”, béla kuring. “Èta mah bisa diomongkeun, pasti ngarti kabogoh nu diditu mah, kumaha kaayaan ayeuna”, jawab ema. Tuluy teu eureun kuring dipaksa. Ahirna kuring ngéléhan ka kolot, ngaenyakeun. Tiharita kuring kawin jeung pa Pépén.
Kabayang? Salila sapuluh tahun kuring jeung pa Pépén can pernah ngalakukeun nanaon nu disebut suami istri sawajarna. Saré mung saukur saré. Kuring nyaho yén pa Pépén teu boga rasa ka kuring, kitu ogé sabalikna. Kuring jeung pa Pépén kawin anu kapaksa téa. Masing kitu, salila dua taun éta pa Pépén bageurna moal aya ka kuring. Tiap kuring ménta ijin rék ulin kaluar jeung babaturan kuring , pa Pépén can pernah nyarék. Malahan mah basa kuring jeung babaturan rék nonton ka bioskop , kuring jeung babaturan di anteurkeun kana mobilna. Di bioskop anjeunna nungguan kuring nonton ku sabarna. Anjeunna tara pipilueun pas ulinna , anjeuna sok misahkeun sorangan nungguan kuring nepi ka anggeusna. Tuluy balik babarengan. Kamamana siap waé nganteur jeung ngajemput kuring. Cacakan anjeunna dosén anu sibuk, jeung kuring téh lain jelema anu dipikacinta nusabenerna ku manah anjeunna . Tapi anjeuna pasti aya pikeun kuring.    Geus sapuluh taun kawin kuring can ngabogaan anak . Kolotna pa Pépén geus nyangka kuring mandul kusabab salila sapuluh taun kawin teu ngabogaan anak waé. Tuluy, gonjang ganjing dititah disérahkeun kuring ku kolotna pa Pépén. Tapi pa Pépén tetep ngadeg kana kayakinan sorangan rék mertahankeun ieu rumah tangga. Geus sapuluh taun lewih, haté kuring kabuka ninggali kanyaah pa Pépén anu euweuh dua. Di taun ka lima belas, Alhamdulillah kuring jeung pa Pépén dipasihan budak  lalaki ku Gusti  anu pohara lucuna. Tidinya mimiti mesra mesrana kuring jeung pa Pépén. Kamamana duaan, ngalakukeun sagala rupana ku duaan, dunya téh asa anu duaan , nulain ngan saukur ngontrak sigana téh. Karék karasa ayeuna éndahna dunya.  Kuring teu kaduhung pernah api api jadi kabogoh pa Pépén baréto. Teu kaduhung ogé, kudu ngarasaan masa masa bobogohanana sanggeus lima belas taun kawin. J  justru leuwih afdol. Haha ;D 

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar